Welcome to my blog :)

rss

Senin, 12 April 2010

Seni Wayang Golek

Wayang Golek mangrupakeun seni tradisi anu dipipindingan ku sirib sindir dikalangan ku siloka sasmaita, kalayan dirimunan kusimbol guareun jaman kiwari anu aya patula-patalina sareng kawajiban manusa yen manusa teh di wajibkeun tafakur tadakur sareng tasyakur. margi lalampahan pawayangan teh nyaritakeun salah jenung bener adil jeung murka.

Nyuckruk galur nu kapungkur mapay riwayat zaman bahela, para wali nyebarkeun agama islam ngangge perantawis wayang, margi wayang teh mangrupakeun gambaran kahayang jalma anu kumelendang di alam pawenangan ieu. sateuacan agama islam aya wayang parantos aya nu mawi wayang teu aya dina al-qur'an na.

Kapungkur wali mendak kitab anu namina kitab mahabrata, saparantos di baca ku wali, kitab mahabrata teh cocok pisan kanggo di angge pikeun nyebarkeun agama islam, ku wali kitab teh di rumuskeun deui di robih janten islam. ku lanataran urang jawa barat mah resep kana hiburan nya wali ngayakeun pagelaran wayang golek

Pas nuju magelaran, wali ngadamel kakawen "GEDONG DUWUR KARI SAMUN, PAGULINGAN SEPI TENTREM, PEPETETAN SAMIA MURAG BALIMBING LAN JERUK MANIS" hartos na teh "gedong duwur kari samun" = gedong luhur di sambung "pagulingan sepi tentrem" = patempatan anu sepi/tiisin, jadi sanajan masjid tempat na lega tapi hawa na mah tiiseun. "pepetetan samia murag"= tuker pikiran antara hindu jeung budha datang na islam ,"balimbing lan jeruk manis" = balimbing dikeret ngabentuk bintang jeruk dikeret sapasi ngabentuk bulan disimpeun di luhureun masjid anu disebat manara masjid tea. jadi simbol na teh bulan jeung bentang.


5 komentar:

Melinda :) mengatakan...

Wah..jadi tertarik dunia pewayangan

Unknown mengatakan...

geuning calakan wan...

Deni Nugraha mengatakan...

mell_kumell : ea bagus donk, sekarang wayang golek sudah di akui oleh unesco dan unicef sebagai karya agung maha budaya... jadi kita sebagai warga jawa barat patut bangga.....

Deni Nugraha mengatakan...

ciptarasa: kan dalang tiada hari tanpa kreativitas dan inotifatifitas...hehehe

Unknown mengatakan...

KAPAN MANGGUNG LAGI DI KUNINGAN????

Posting Komentar